Tumarima

by Azmy Z

2 Views Aug 25, 2026

Lyrics

Dirasa mah hayang dendam
Dirasa mah hayang ngabales
Kanyeri hate kuring ka manehna
Duuh kuteungteuingeun

Keur deudeuh deudeuhna
Keur nyaah nyaahna
Lir ibarat ka bentar ku gelap

Anjeun sulaya cinta
Anjeun midua kasih
Lir ibarat teu menang ka nyaah
Ti kuring

Sacinta cintana kuring
Ari dikieu kieu mah
Gering nangtung ngalanglayung

Tumarima mah tumarima
Kana takdir ti Hyang Widi
Meureun kuring jeung anjeun

Lain jodona

Dirasa mah hayang dendam
Dirasa mah hayang ngabales
Kanyeri hate kuring ka manehna
Duuh kuteungteuingeun

Anjeun sulaya cinta
Anjeun midua kasih
Lir ibarat teu menang ka nyaah
Ti kuring

Sacinta cintana kuring
Ari dikieu kieu mah
Gering nangtung ngalanglayung

Tumarima mah tumarima
Kana takdir ti Hyang Widi
Meureun kuring jeung anjeun
Lain jodona

Dirasa mah hayang dendam
Dirasa mah hayang ngabales
Kanyeri hate kuring ka manehna
Duuh kuteungteuingeun