Pelesiran

by Azmy Z

2 Views Aug 25, 2026

Lyrics

Ka garut kajojo ku dodolna
Ka tasik lalucu supenirna
Ciamis raos galendona
Ka banjar pangandaran
Endah alamna
Urang sindang ka sumedang
Mapay jalan cadas pangeran
Nuang tahu nikmat pisan
Pelesiran bari gogonjakan

Cililin kataji ku wajitna
Ka bogor kasohor kutalesna
Cianjur gaduh taucona
Ka bandung kota kembang
Geulis mojangna

Urang sindang ka karawang
Kageugeut ku goyang karawang

Urang subang wantun tandang
Kameumeut ku nanas maduna

Kuningan ku talaga remisna
Cirebon kasohor ku tarlingna
Maranggi ti purwakarta
Mochi ti sukabumi Wajib dicobi
Majalengka someahna
Kataji ku mangga gedongna
Jajakana pangkasepna
Taya deui bandinganana

Ka banten katelah ku debusna
Ka jampang reueus ku jawarana
Cimahi gede kawani
Sanajan kota leutik
Tapi campernik
Bandung barat anu lumpat
Lumampah jeung mawa mangfaat
Majalaya katelahna
Raos pisan borondong garingna