Jalir Jangji

by Azmy Z

45 Views Aug 25, 2026

Lyrics

Teu lami sasasih deui
Asih urang bakal ngahiji
Teu weléh dianti-anti
Bakal nyorang laki rabi

Awas ulah robih deui
Komo deui rék jalir jangji
Estu cinta ukur hiji
Nepi ka dijemput pati

Nya abdi sareng salira

Pada-pada mikacinta
Susah senang sasarengan
Pait manis nya duaan

Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat nganyenyeri

Ulah jalir jangji
Ulah jalir jangji
Komo deui aya niat gaduh deui

Kadeudeuh nu urang
Kahéman keur urang