Banondari

by Azmy Z

3 Views Aug 25, 2026

Lyrics

Eee Banondari anu denok

Anu montok Matak moho matak pogot

Ait! yiahahaha
Anu geulis meni amis
Nu endah matak kabita Duh eulis
I love you darling

Ngan hanjakal Nya i teh teu kaopan
Gampil bendu mun kasinggung perasaan
Tutunjuk bari neuteuli nyarios
Meni nyorocos cerewed lir manuk toed
Duh darling

Najan kitu diri nyai tetep narik
Imutna matak kapincut
Dilakna matak tibelat
Lambey ipis lir kue lapis
Mun di gegel tangtu amis
Aduh tobat geulis
Yiaaaah hahaa

Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng
Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng

Engkang sembaheun abdi
Narpati nu gagah sakti

[ya ya ya akang hahaha]

Engkang teh jago ngarayu
Perceka mikat wanita
Teu perduli aya nu boga Engkang

Di dunya taya duana
Pameget nu kawas engkang
Waruga jalugjug jangkung
Ngajedig halisna kerung
Purah ngudag-ngudag bikang
Aduh engkang

[Eit !! Yiahahaha]

Diraksukan kuhenteu matut
Dilancingan oge randutdut
Kumis cokrom buuk gondrong
Lir barongsay keur ngadangong
Aduh engkang

Aiit hi hahahahaha

Eee Banondari ulah kitu
Cinta engkang teh saestu
Lain cinta imitasi tapi cinta nu sajati
Cinta engkang mah
Teknologina Ca ca Canggih e e

Eulis Yiaaa hahaha
Cinta engkang di jamin moal rek luntur
Cintaku hanya untukmu

Dunya brana teu kabilang
Neundeun duit di unggal bank
Emas inten golondongan
Kop kabeh eta keur nyai

Eit! Yiahahaha

Bisi hayang pelesiran langlang jagat
Bari shoping ka unggal nagara
Ka Jepang reujeung ka Hongkong
Ka New York reujeung ka Paris
Atawa rek ka Cilincing
Pek atuh gera balaka kahayang pasti aya
Asal bener cinta ka akang
Aduh tobat geulis Yiahahaha

Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng
Aso lali wau waeng
Aso aso asolali wau waeng

Duh Engkang
Engkang teh geningan bodo
Ngrayu carana kuno
Nyombo bari ngolo-ngolo
Duh Engkang

Cinta sanes komoditi
Teu bisa di beuli beuli
Najan ayeuna keur trendi
Atawa ditawar-tawar
Najan di bayar ku dolar
Abdi mah da henteu hayang
Aduh engkang playboy Aduh playboy
Aduh playboy Engkang

Pameget mah di mana-mana ge sami
Eukeur bogoh sok kokorowot
Eukeur geugeut keukeureuweut
Mun can benang panasaran
Engkang panasaran

Ait iya iya ha ha ha