Album Cover Kalangkang

Kalangkang

Diah Arenza

2

Mungguhing dina impenan

Geuning sakitu deudeuhna

Kanyaaah nu wening bersih

Satia jadi kakasih...

Mungguhing dina impenan

Geuning sakitu leahna

Pameunteu marahmay manis

Teu isin ...kaambung damis

Rambut panjang nu ngarumbay

Disangkeh panangan nyampay

Lalaunan raray tanggah

Rangkulan karaos pageuh

Luhur pasir tepung geten

Perlambang asih nu mekar

Kabagjaan nu duaan...nu duaan

Hanjakal ...hanjakal teuing

Endah ngan ukur kalangkang...

Harepan...harepan ... diri

Sing nyanding jeung kanyataan

Lagu lain oleh Diah Arenza