Album Cover Halangan Diri

Halangan Diri

Darso

3

Na kunaon sagala rupa

Ngan aral, gagal jeung gagal?

Soal cinta jeung usahaKandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur

Kalapangan naronggongan

Paruntungan lumpat ngajauhan

Naha, naha, kunaon?

Boa-boa halangan diri

Nu mangrupi dosa-dosa

Kajongjonan, kangeunahan

Ngumbar-ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri

Nu mangrupi dosa-dosa

Nu ngajajar mani panjang

Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti, aduh Gusti

Kumaha ngénténgkeunnana?

Aduh Gusti, aduh Gusti

Kumaha ngabébaskeunna?

Panon cireumbay mapay-mapay pipi

Ragragan kana sajadah

Nginget-nginget laku lampah

Ninggang salah jeung salah

Haté anu meurih, haté nu ngajerit

Kabeulit ku dosa-dosa

Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa

Ampun, ampun, duh, Gusti

Boa-boa halangan diri

Nu mangrupi dosa-dosa

Kajongjonan, kangeunahan

Ngumbar-ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri

Nu mangrupi dosa-dosa

Nu ngajajar mani panjang

Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti, aduh Gusti

Kumaha ngénténgkeunnana?

Aduh Gusti, aduh Gusti

Kumaha ngabébaskeunna?